Let's help each other

wawacan gagak lumayung (Pangkur)

59. Tangtos bapa moal terang, enya ieu kula urang tanah Jawi, katelah Gagak Lumayung, atawa Gagak Lumajang, nu ka telah Prabu Kiansantang éstu, nu gagah Garantang Sétra, Sénapati Siliwangi. 60. Pamukna di Pulo Jawa, nu kaceluk teu aya tandingna deui, jauh-jauh pangdijugjug, anggang-anggang ditéang, anu ngaran Bagénda Ali nu pamuk, kaula hayang ngayonan nu gagah di Puseur bumi. 61. Sabab kaula di Jawa, nyata kurang taya pitandingeun deui, kitu margana dijugjug, tah kitu maksud kula,” Ali imut ngadangu anu cacatur, ngaosna Alhamdulillah, teka ing Robbul ‘Alamin. 62. Muji...

wawacan gagak lumayung (Sinom)

46 Kangjeng Nabi Rosullulah, dideuheusan para Mu’min, sarawuh para Sahabat, Abubakar Umar Ali, Umar sareng Ratu Jin, harita nuju karumpul, maksadna babadantenan, réhing kersana Jeng Nabi, rék ngadamel tihangna Masjidil Haram. 47. Badé nambih tujuh tihang, harita mung kirang hiji, namung Nabi téh tos mendak, tihang kuning ti Ratu Jin, mung pangaos can jadi, kana tihang mah panuju, keur badanten pangaosna, Kangjeng Nabi téh badami, sareng Mu’min kalayan para Sahabat. 48. Pirempag para Sahabat, ngiringan sakersa nabi, Gusti Rosul seuk ngandika, enya éta ka Ratu Jin, “Kana...

Wawacan Gagak Lumayung (Dangdanggula)

1. Bismillahi kawit nu ditulis, budi-daya pamedaring Samad, dupi Samad tegesna teh, kawit “dongeng Karuhun”, nu berbudi Bujangga asli, tawisna nampi Ilham, waspada saéstu, margi nu sipat Bujangga, titi-surti kukuh-pengkuh ati-ati, tulisan ngemban lisan. 2. Ki Bujangga ujaring maranggi, ditampina ku tawis pertanda, tangtos moal sapagodos, gelar-galur dua-tilu, réh nul-nutkeun jalanna dangding, sami gaduh ukiran, tah éta téh kitu, numutkeun pinter rajinna, nu percéka ingkar tina basa Kidib, ngantun kana hianat. 3. Salamina amanat tur Tamblig, Sidik-bener Amanat percaya,...