Arsip Kategori ‘Rupa-rupa’ :
guyub
Aya sok hayang seuri, lamun ngahartikeun rupa-rupa kalakuan jelema. Nu sawareh hayangna ngidul bae, nu saparo sabalikna,..tapi eta ge teu nanaon, geus ilhar hukum kahirupan jigana, teu bisa di kubik, dipasamoan ceuk kolot mah. Aya bae nuhayang beda ti nu sejen,….kumbuh sauyunan eta meureun ngabogaan harti anu lain ngompet daunkeun rupa-rupa tina kahirupan…., kumbuh sapiayunan lain wedal ngajilig nyuni hideung atawa bodasna, tapi mangrupa kuwung-kuwung nu caang, semu era, ngan ieu jadi kaendahan nu gede ku harti. Kaendahan bakal ngawujud lamun seug teu maksakeun kahayang diri ka batur,...
Karugrag
Ieu lalakon meureun euweuh catetanana, tapi yakin kajadian anu bener ayana. reh ari jelema sok poho kana purwadaksina, poho ngalarap kasajatian diri. atuh pan ceuk kolot, dharma kumelendangna hurip lantaran aya lakon samemehna.Ninggang di babaturan anu sewu ngarahuh lantaran teu narti ku robahna sikep jeung pamikiran babaturanna anu sahiji…., ceuk jajar carita na mah dibelaan ti suksuk ti dungdung dina raraga ngageudekan usaha babarengan, ayeuna geus aya dina puncak kawasa bari poho kana tangtungan,…
lain rek dikoreh aib sabenerna mah, ngan tadi tea teu ngarti,…pan geus puguh...
7 Kuriling ka dalapan utah uger
Aya ku bagja mantri Darwis, sanajan ka itung kolot kahot teu leungit elmu dina ngarandapan pagaweanana. geus kaitung puluh taun jadi mantri teu kaleungitan kahot. ku kituna Nyi Unah mah nu sareat tukang gambir di pasar sabut, boga kayakinan taya deui nu bisa ngbaran panyakit nahun iwal ti Mantri darwis. eta bae lamun ninggang torojol rek uubar, laju bae di sampekeun,..kumaha ieu pa Mantri ja rarasaan geus tilu poe hulu kami asa kukurilingan….., lamun ceuk batur mah sok disebut panyakit 7 kuliling…, atuh mantri Darwis kaget aya panyakit model kitu,…migren meureun nyi jawabna,…lain...







