DEVAÇRANA

wawacan gagak lumayung (Pangkur)
59.  Tangtos bapa moal terang, enya ieu kula urang tanah Jawi, katelah Gagak  Lumayung, atawa Gagak Lumajang, nu ka telah Prabu Kiansantang éstu, nu  gagah Garantang Sétra, Sénapati Siliwangi.

60. Pamukna di Pulo Jawa,  nu kaceluk teu aya tandingna deui, jauh-jauh pangdijugjug,  anggang-anggang ditéang, anu ngaran Bagénda Ali nu pamuk, kaula hayang  ngayonan nu gagah di Puseur bumi.

61. Sabab kaula di Jawa, nyata  kurang taya pitandingeun deui, kitu margana dijugjug, tah kitu maksud  kula,” Ali imut ngadangu anu cacatur, ngaosna Alhamdulillah, teka ing  Robbul ‘Alamin.

62. Muji kana Dat Yang Sukma, dina galih Bagénda Ali  nu lantip, henteu pisan gaduh unggul, anging Kersaning saha, anu gagah  anging Dat Alloh nu Agung, raga nyawa gagaduhan, titipan nu Maha Suci.

63.  Bagénda Ali ngandika, “Atuh Agus sumangga pun bapa ngiring, kana maksad  Agus kitu, tinangtos tiasa tepang, namung engké di payuneun Gusti  Rosul, sinareng Ali Murtada, keur ngadegkeun enok Masjid.

64. Jung  angkat Gagak Lumayung, kitu deui Bagénda Ali diiring, Gagak Lumayung ti  pungkur, can patos tebih angkatna, Sang Bagénda émut kana tongkat  kantun, lajeng ngalirik ka tukang, imut barina ngalahir.

65. “Masya  Alloh Agus hilap, ieu bapa kakantun iteuk pandeuri, abong-abong anu  pikun, Radén pangnyandakkeun heula, ngarah gancang angkatna nu anom  tangtu, itu nu nancleb na lemah.” Gagak Lumayung pék malik.

66.  Ngabujeng ka iteuk téa, barang dongkap teras dicabut sakali, namung  pageuh sakalangkung, sanaos pageuh dipaksa, nojér lemah mani nyeblok  semet tuur, namung pageuh iteuk téa, bumi inggeung lir ku lini.

67.  Keukeuh pageuh keukeuh maksa, késang ngoprot teu bénten siga nu mandi,  séép késang gétih ngucur, kagét manahna Lumajang, tina margi harita  nembé saumur, ningal ka gétih sorangan, sabulu-bulu barijil.

68.  Reuwas di lebet manahna, harita gé teras nyambat ka Dewa Di, “Duh Déwa  nu Marawolu, hamba neda kadigjayan.” Namung tetep teteken henteu  kacabut, kabedasanana mubah, kantun lesu tulang sandi.

69. Bagenda  Ali jol dongkap, bari nyaur, “Naha Agus lami teuing.” Ngawalon Gagak  Lumayung, “Aduh bapa henteu kuat, kula mopo teteken henteu kacabut.”  Saur Ali, “Na kumaha, kapan Agus gagah sakti.

70. Koncara satanah  Jawa, geuning kitu nyabut iteuk gé teu hasil, bapa mah heran kalangkung,  cing ku bapa urang jungkat,” Bérés nyaur Bagénda Ali seug tungkul, bari  ngawejang Kalimah, sinareng Solawat Nabi.

71. “Allohuma Sholli ‘ala,  Muhammad wa’alaa aali Muhammadin, asyhadu allaa ilalloohu, wa asyhadu  anna Muhammad, Rosuulullooh.” Kitu lisan Ali pamuk, saparantos ngaos  du’a, teras nyabut iteuk kénging.

72. Kitu deui Kiansantang, kawit  lesu harita tos jagjag deui, sinareng hemeng pangkalbu, nguping Kalimah  Sahadat, tina margi saumur nembé ngadangu, harita teras ngandika,  tumaros ka aki-aki.

73. “Lisan naon bieu bapa, henteu puguh ku kula  henteu kaharti, palakiah naon kitu, kula ngadak-ngadak jagjag, sarta  iteuk ku bapa geuning kacabut.” Bagénda Ali ngandika, disarengan imut  manis.

74. “Bisi Agus can uninga, nu dibaca ku bapa Kaliniah Kalih,  nyatana panglesu musuh, tangtu apes digjayana.” Saur Raden, “Euleuh  euleuh kutan kitu, kaula ogé kabita, keur engké tepung jeung Ali.

75.  Sarta cing kumaha bapa, naha aya harti jaba éta deui, lian pangapésan  musuh?” Bagénda Ali ngandika, “Atuh puguh éta téh Sahadat Rosul, nya  cepengan umat Islam, nyata Agama nu Suci.

76. Saha nu lisan Sahadat,  éta pasti ginanjar Rokhmat Yang Widi, Hirup-Hurip pasti Hurup, Islam  Agama Mulya, béda pisan sareng nu Agama Hindu, pasti dila’nat ku Allah,  bongan percaya ka Sihir.”

77. Tungkul Prabu Kiansantang, tina margi  anjeunna rumaos isin, réh nyepeng Agama Hindu, Bagénda Ali seug angkat,  bari mésem ningal ka Radén ti pungkur, nuju ngiring ka anjeunna,  angkatna tungkul ka bumi.

78. Harita parantos dongkap, Ali sareng  Kiansantang ka Jeng Nabi, Rosulluloh pok ngadawuh, “Naha Ali elat pisan,  mani kesel ngantosan ti isuk-isuk, kapan rék ngadegkeun téa, nyekel  tihang masing-masing.”

79. Bagénda Ali unjukan, “Kaulanun, mugi ulah  rengat galih, ku margi aya tatamu, ngahaja ti Pulo Jawa, mung hanjakal  Agamana masih Hindu, wawangina Kiansantang, nu hoyong nyobi ka abdi.

80.  Anjeunna ngahaja dongkap, tebih-tebih pang ka Puseur Bumi dugi, rehing  kaceluk tos pamuk, di Jawa taya tandingna, nu diseja hoyong sareng abdi  pupuh, badé mecak kasakténna, tah kitu purwana lami.”

81. Kangjeng  Nabi Rosullulah, mésem leleb barang nguping saur Ali, sareng ngarérét ka  tamu, Kiansantang nu miarsa, lingsem pisan midanget anu sumaur, ngeluk  semu ajrih pisan, réhing teu sangka sakedik.

82. Horéng aki-aki téa,  nu ngabantun ka anjeunna geuning Ali, nu badé diajak tarung, nu dianjam  ti anggalna, kadalangsok anjeunna tos langkung saur, temahna mendak  wiwirang ngahuleng teu yasa muni.

83. Nyaur manis Rosullulah, “Hé  tatamu maksad anjeun engké deui, mun jeung Ali hoyong tarung, margina  waktos ayeuna, ieu kula meujeuhna aya perelu, malah nuhun sakalian, aya  anu gagah sakti.

84. Kaula ngahiras saya, pangnangtungkeun ieu tihang  anu kuning, keur bagéan Ali éstu, ayeuna anjeun gentosna, étang-étang  wakil ngahormat nu pamuk,” Kiansantang unjuk sembah, “Kaulanun mangga  ngiring.”

85. Énggal sadaya sadia, nyepeng tihang hiji-hiji  masing-masing, lengkep tihang anu tujuh, sadaya para Sahabat, sareng  Mumin ngaos sahadat ngajungjung, jung ngaradeg genep tihang, kantun  tihang anu hiji.

86. Nu dicepeng Kiansantang, tacan ngadeg ku margi  henteu kaindit, raos abot sakalangkung, dumugi ka dodogéran, nojér lemah  dugi nyeblok semet tuur, cikaringet barijilan, sabulu-bulu jeung getih.

87.  Rembes getih ti salira, namung tihang keukeuh baé teu kaungkil, harita  teras sumaur, “Tulung teu kawawa beurat, ieu kula tanaga parantos  suwung.” Gumujeng Ali Murtada, nguping nu sasambat tarik.

88.  Sinareng teras ngandika, “Henteu sangka perjurit ti Tanah Jawi, nu  kamashur pamuk pupuh, ayeuna éléh ku tihang.” Nyaur kitu bari moro  tihang agung, sinareng ngaos Kalimah, tihang henteu mundur deui.

wawacan gagak lumayung (Sinom)
46 Kangjeng  Nabi Rosullulah, dideuheusan para Mu’min, sarawuh para Sahabat,  Abubakar Umar Ali, Umar sareng Ratu Jin, harita nuju karumpul, maksadna  babadantenan, réhing kersana Jeng Nabi, rék ngadamel tihangna Masjidil  Haram.

47. Badé nambih tujuh tihang, harita mung kirang hiji, namung  Nabi téh tos mendak, tihang kuning ti Ratu Jin, mung pangaos can jadi,  kana tihang mah panuju, keur badanten pangaosna, Kangjeng Nabi téh  badami, sareng Mu’min kalayan para Sahabat.

48. Pirempag para  Sahabat, ngiringan sakersa nabi, Gusti Rosul seuk ngandika, enya éta ka  Ratu Jin, “Kana tihang geus sidik, sadaya sami satuju, sabaraha  pangaosna, ku andika pék nilahir.” Sang Ratu Jin ngawalon,  “Sadaya-daya.”

49. Dawuh Nabi, “Matak susah, pék baé kudu wawarti,  ulah makruh di ahirna, naha sabaraha rispis, sabaraha dinar pasti, bisi  hayang opat rébu, ku kaula rék dibayar.” Raja Jin ngalahir deui, “Najan  Gusti maparin uang salaksa.

50. Moal kasanggakeun tihang, margi  émutan sim abdi, hoyong sabobotna tihang, nu abotna éta sami, teu  mambrih kana duit, naon baé kaulanun, éta kitu kahayang mah.” Ngahuleng  Nabi sinelir, nguping saur pangandikana Jin téa.

51. Pék nyerat Lapad  Bismillah, hirrohmaanirrohiim deui, lajeng dibobot harita, tihang  sareng Lapad Nabi, hampang tihang Ratu Jin, abot Mujijatna Rosul, Ratu  Jin sujud unjukan, “Seja nyanggakeun sim abdi, éta tihang teu kedah  dibayar arta.”

52. Ditampi ku Rosullulah, bingah sadaya nu nyaksi,  kebat Jeng Nabi ngandika, gentrana alon tur manis, “Hé pra Sahabat kami,  pukul tujuh poé isuk, kumpul deui sadayana, urang ngadegkeun Masigit,  sarta kami ka Ali amanat pisan.

53. Isuk dimana rék angkat, pék  nyandak teteken pasti, sugan aya paédahna, guna dina dinten énjing”  Sohabat nyaur tadim, “Sumangga sadawuh Rosul.” Énggal harita bubaran,  Sohabat sinareng Mu’min, sami budal masing-masing ka bumina.

54.  Kocap Sang Ali Murtada, barang jol dongkap ka bumi, méh sareng aya nu  dongkap, nya éta Jabrail sumping, maksad maparin warti, yén énjing aya  tatamu, pancegna tabuh dalapan, tos wawartos teras leungit, kacarios  bujengkeun baé énjingna.

55. Tatamu weléh teu dongkap, lieuk deui  lieuk deui, matak sosonggéteun pisan, manahna Bagénda Ali, gaduh timburu  galih, ka nu masihan pituduh, “Palangsiang ngarancana. Syétan ngagoda  ka aing, ngarah elat ngadegkeun masigit téa.”

56. Parantos ngémut  kitu mah, bral jengkar Bagénda Ali, parantos dongkap ka jalan, gok  pendak sahiji jalmi, bari naros ka Ali, sami-sami tacan weruh, “Ké bapa  antos sakedap.” Ngarandeg Bagénda Ali, tetekenna ditanclebkeun kana  lemah.

57. Barang parantos caket mah, éta jalmi naros deui, “Mugi  ulah bendu manah, réh badé naros sakedik, sugan bapa tingali, ka bumina  Ali pamuk.” Ngahuleng Ali Murtada, wekasan ngalahir manis, “Aéh Agus  bapa mah ngarasa héran,

58. Ku sabab satanah Mekah, sadaya sami  tingali, ka bumi Ali Murtada, mung Agus anyar pinanggih, bapa weléh teu  harti, na ti mana ari Agus, banjar karang panglayungan, nya bali geusan  ngajadi,” Éta jalmi ngawalonan, “Sukur pisan.

Wawacan Gagak Lumayung (Dangdanggula)
1.  Bismillahi kawit nu ditulis, budi-daya pamedaring Samad, dupi Samad  tegesna teh, kawit “dongeng Karuhun”, nu berbudi Bujangga asli, tawisna  nampi Ilham, waspada saéstu, margi nu sipat Bujangga, titi-surti  kukuh-pengkuh ati-ati, tulisan ngemban lisan.

2. Ki Bujangga ujaring  maranggi, ditampina ku tawis pertanda, tangtos moal sapagodos,  gelar-galur dua-tilu, réh nul-nutkeun jalanna dangding, sami gaduh  ukiran, tah éta téh kitu, numutkeun pinter rajinna, nu percéka ingkar  tina basa Kidib, ngantun kana hianat.

3. Salamina amanat tur Tamblig,  Sidik-bener Amanat percaya, Tamblig ngalampahkeun saé. Hak hukumna  bener Wujud, bebeneran purwaning Kawit, Kawit babatan Asal,  Kama-Kami-Kamu, mangga nyanggakeun terasna, anu nyalin percanten ka  parawargi, nyanggakeun saterasna.

4. Kieu kawit ujar ki Musanip,  nyarioskeun Ratu nu baheula, aya sahiji Karaton, ngajajah para Ratu,  nelahna Prabu Siliwangi, di Pakuan Pajajaran, gaduh putra pamuk, gagah  teu aya tandingna, Radén Putra Gagak Lumayung wawangi, katelah  Kiansantang.

5. Kakoncara harita sa-Jawi, Majapait sadérékna kalah ku  Radén Lumayung jago, sadayana sami taluk, ku gagahna sami alajrih, taya  nu wantun ngunghak, ka Radén Lumayung, malah danget harita mah, ku  ramana dijenengkeun Sénapati, Pahlawan Pajajaran.

6. Waktos éta Radén  runtik galih, tina margi keukeuh hoyong terang, getih salirana tulén,  teu acan terang saumur, ti aalit gé can ningali, na kumaha rupina, weléh  tacan weruh, gaduh raos panasaran, tina margi pakarang taya nu mahi,  bakating ku gagahna.

7. Mangsa éta di sa-Pulo Jawi, tacan aya Islam  nu sumebar, Agamana Hindu kénéh, nya kitu Gagak Lumayung, harita téh  ujub sareng dir, raosna panggagahna, suwung anu pamuk, n-tung anjeunna  anu gagah, anumawi can terang getih pribadi, dugi ka medal sumpah.

8.  “Saumur gé moal rék rarabi, mun can nyaho ka getih sorangan.” Éta kitu  saurna téh, lami-lami teras ngangluh, gulangguling siang lan wengi,  damelna gulinggasah, galih teu kaasuh, keukeuh manah panasaran, lajeng  baé ngadeuheus ka rama Aji, ku rama dipariksa.

9. Ayeuna téh ama rék  meredih, kudu walon anu sabenerna, kusabab béda pasemon, naon nu dianggo  ngangluh, bilih hoyong Putri nu geulis, da moal matak susah. Pajajaran  mamur, moal kurang mojang lenjang, nu gareulis kapan di dieu ngabaris,  nu ginding gé gedongna.

10. Nu lalucu Putri nu maranis, kantun milih  rék ka putra saha, lamun di dieu geus poos, geura milih putra Ratu, nu  caraket anu tarebih, putra Raja talukan, kénging Radén tarung, pék pilih  ka putra saha?” Kiansantang ka ramana nyembah tadim, kinanti nu balaka.