Let's help each other
Selamat datang di Website Devacrana

wawacan gagak lumayung (Sinom)

46 Kangjeng Nabi Rosullulah, dideuheusan para Mu’min, sarawuh para Sahabat, Abubakar Umar Ali, Umar sareng Ratu Jin, harita nuju karumpul, maksadna babadantenan, réhing kersana Jeng Nabi, rék ngadamel tihangna Masjidil Haram.
47. Badé nambih tujuh tihang, harita mung kirang hiji, namung Nabi téh tos mendak, tihang kuning ti Ratu Jin, mung pangaos can jadi, kana tihang mah panuju, keur badanten pangaosna, Kangjeng Nabi téh badami, sareng Mu’min kalayan para Sahabat.
48. Pirempag para Sahabat, ngiringan sakersa nabi, Gusti Rosul seuk ngandika, enya éta ka Ratu Jin, “Kana tihang geus sidik, sadaya sami satuju, sabaraha pangaosna, ku andika pék nilahir.” Sang Ratu Jin ngawalon, “Sadaya-daya.”
49. Dawuh Nabi, “Matak susah, pék baé kudu wawarti, ulah makruh di ahirna, naha sabaraha rispis, sabaraha dinar pasti, bisi hayang opat rébu, ku kaula rék dibayar.” Raja Jin ngalahir deui, “Najan Gusti maparin uang salaksa.
50. Moal kasanggakeun tihang, margi émutan sim abdi, hoyong sabobotna tihang, nu abotna éta sami, teu mambrih kana duit, naon baé kaulanun, éta kitu kahayang mah.” Ngahuleng Nabi sinelir, nguping saur pangandikana Jin téa.
51. Pék nyerat Lapad Bismillah, hirrohmaanirrohiim deui, lajeng dibobot harita, tihang sareng Lapad Nabi, hampang tihang Ratu Jin, abot Mujijatna Rosul, Ratu Jin sujud unjukan, “Seja nyanggakeun sim abdi, éta tihang teu kedah dibayar arta.”
52. Ditampi ku Rosullulah, bingah sadaya nu nyaksi, kebat Jeng Nabi ngandika, gentrana alon tur manis, “Hé pra Sahabat kami, pukul tujuh poé isuk, kumpul deui sadayana, urang ngadegkeun Masigit, sarta kami ka Ali amanat pisan.
53. Isuk dimana rék angkat, pék nyandak teteken pasti, sugan aya paédahna, guna dina dinten énjing” Sohabat nyaur tadim, “Sumangga sadawuh Rosul.” Énggal harita bubaran, Sohabat sinareng Mu’min, sami budal masing-masing ka bumina.
54. Kocap Sang Ali Murtada, barang jol dongkap ka bumi, méh sareng aya nu dongkap, nya éta Jabrail sumping, maksad maparin warti, yén énjing aya tatamu, pancegna tabuh dalapan, tos wawartos teras leungit, kacarios bujengkeun baé énjingna.
55. Tatamu weléh teu dongkap, lieuk deui lieuk deui, matak sosonggéteun pisan, manahna Bagénda Ali, gaduh timburu galih, ka nu masihan pituduh, “Palangsiang ngarancana. Syétan ngagoda ka aing, ngarah elat ngadegkeun masigit téa.”
56. Parantos ngémut kitu mah, bral jengkar Bagénda Ali, parantos dongkap ka jalan, gok pendak sahiji jalmi, bari naros ka Ali, sami-sami tacan weruh, “Ké bapa antos sakedap.” Ngarandeg Bagénda Ali, tetekenna ditanclebkeun kana lemah.
57. Barang parantos caket mah, éta jalmi naros deui, “Mugi ulah bendu manah, réh badé naros sakedik, sugan bapa tingali, ka bumina Ali pamuk.” Ngahuleng Ali Murtada, wekasan ngalahir manis, “Aéh Agus bapa mah ngarasa héran,
58. Ku sabab satanah Mekah, sadaya sami tingali, ka bumi Ali Murtada, mung Agus anyar pinanggih, bapa weléh teu harti, na ti mana ari Agus, banjar karang panglayungan, nya bali geusan ngajadi,” Éta jalmi ngawalonan, “Sukur pisan.

Tanggal: 08-01-2012

Ada Komentar?